About

free counters

Selasa, 08 Maret 2011

BIANTARA BASA SUNDA

Artikel fire


TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI

Assalamua’laikum Wr.wb. Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashi   ron wanadziro.
Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh.
Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu.
Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring,
Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan,
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur
Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina acara “ Pasanggiri Biantara Basa Sunda Tingkat SMP sa-Kabupaten Sumedang”. Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi
Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan
urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka
kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin.
Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat. Langkung tipayun nepangkeun simkuring wasta pun Dwi Nurini, Siswi kelas 8
SMPN 1 Cimanggung. Alhamdulillah dina danget ieu simkuring tiasa ngiring aub janten
patandang dina ieu pasanggiri biantara basa sunda. Maksadna teu aya sanes mung hoyong
diajar nyarios dina basa sunda. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis
“Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun
deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum.
Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu
wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka
jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina
jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain
dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana.
Hadirin nu ku simkuring di hormat. salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku kubangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadianteh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadipropinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawanjentre, yen urang teh “Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat”.Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana :1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat2. Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi3. Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen.4. Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara,ngamumule tur ngajenan seni tradasina.Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedarku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigeulan paneka jaman. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.
wassalam sumber: www.scibd.com

0 komentar:

Posting Komentar